MUQODDIMAH
Ari puji nu sampurna eta tetep Kagungan allah nu kapersipat
lengkep
Rohmat allah mugi tetep sareng salam Di Jenung nabi Muhammad mustika
alam
Mugi ieu nadhom sing manfaat gede Kanu ngaos ka lalaki ka awe-we
PASAL MERTELAKEUN CAI
Sakur cai bijil ti bumi ti langit Menang di pake susuci najan pait
Kaya ibun ci laut sumur wahangan Hujan buah ci burial jeng ci
hujan
Anging eta cai anu geus di pake Micen najis
hadats leutik hadats geode
Maka eta suci tapi teu nyicikeun Mun teu robah ku najiss anu di
piceun
Deui cai robah sabab ka campuran Barang suci kaya cai di entehan
Heunteu jadi naon-naon cai robah Sabab cicing atawa kayu dikulah
Ari cai saeutik mun kanajisan Jadi najis najan teu robah teu
naon
Sejen lamun cai gede kanajisan Mun teu robah
eta teu jadi halangan
Ari cai kapanasan mata poe Eta makruh kana salira teu sae
Makruh soteh mun caina masih panas Dina wadah nu dipalu liyan emas
Deui makruh cai kacida panas na Cara makruh cai kacida tiis na
Ngaran cai saeutik nu hanteu aya Limaratus
punjul lima kati jawa
Lamun cukup berat tiluratus lima Di
sebutna cai gede ku ulama
Lamun wadah pasagi saasta lewih Saparapat
eta cai gede deuih
PASAL
MERTELAKEUN NAJIS
Sakur aen bijil tina qubul dhubur Eta najis liyan mani nu di tutur
Anjing babi arak bangke getih nanah Bulu bangke tulang cekerna jeung
Utah
Anging bangke jalma simet lauk cai Eta tilu rupa bangke tetep suci
Ari rehak ciduh leeho Korong cileh Eta lain najis tapi barang
geuleh
Anggahota pisah tina sasatoan Anu hirup hukum bangke sato
hewan
Anging bulu sato hewan anu di dahar Jeng ciduhna kesang kasturi teu
samar
PASAL NGABERESIHKEUN BARANG ANU NAJIS
Suci lamun jadi cuka eta arak Kusorangan najan di poe ngagolak
Ari ngumbah najis anjing sareng babi Tujuh kali make taneh nu sakali
Ari najis salian anjing jeung babi Lamun leungit aen cukup ku
sakali
Tapi utamana ngumbah tilu kali Najan najis
leungit ku ngumbah mimiti
Ari kulit bangke lian anjing babi Ku disamak eta
kulit jadi suci
Ari nanah cenang bisul getih rahet Di
hampura mun saetik dina sholat
Deui dihampura najis leutik pisan Teu
katingali ku tingali perteungahan
Ari cikiih budak lalaki anu acan Umur
dua taun ti ngajuru
Sareng acan barang dahar liyan susu Cukup
di kepretan cai kana tempat itu
Ari najis hukum cukup ku sakali Ngaliwatkeun cai
kana tempat tadi
PASAL MERTELAKEUN PARDHU WUDHU
Pardhu wudhu aya genep sadayana Hiji niat kadua ngumbah beungeut
na
Tilu ngumbah leungueun dua jeung sikuna Opat ngusap saeutik tina sirahna
Lima ngumbah suku dau nepi kana Mumuncangan tartib rukun ka
genepna
PASAL MERTELAKEUN NUNGABATALKEUN KANA WUDHU
Opat rupa ngabatalkeun kana wudhu Coba bilang kumaneh ulah kaliru
Hiji nukalur ti salah sahiji Qubul duburnaa naon bae liyan
mani
Kaduana leungit akal sabab edan Sabab sare sakalor jeung ayan
Anging jelema sare nu rapet biritna Kana tempat diyuk teu batal
wudhuna
Katiluna paantel kulit awewe Jeng lalaki dua nana pada gede
Batal soteh antel jeung lian mahramna Serta teu make hahalang antarana
Ka opatna nyabak kubul sareng dubur Bangsa jalma ku dampal leungeun di
lagar
PASAL MEURTELAKEUN PARDHU ADUS
Pardhu adus aya dua masing awas Hiji niat dina hate micen hadats
Dua ngaratakeun cai kana badan Anu dhohir sareng buuk walatraan
PASAL ANU NGAWAJIBKEUN KANA ADUS
Arit sarat wudhu sareng sarat mandi Eta aya sapuluh teukirang deui
Hiji islam dua tamyij tilu suci Tina nifas sareng hed mungguh di
istri
Opat ulah aya barang anu nyegah Datang cai kana kulit kaya
geutih
Lima ulah aya barang nu ngarobah Kana
cai dina tempat nu dikumbah
Genep nyaho kana kapardhuan nana Tujuh ulah nekadkeun sunat
ngumbahna
Kadalapan caina anu nyucikeun Sareng anu dua
deui di tanngtukeun
Di jalma nu langgeus hadats eta tangtu Hiji tuluy-tuluy dua manjing waktu
PASAL MEURTELAKUN PAHARAMAN KA JALMA BOGA HADAST
LEUTIK HADATS GEUDE
Saha jalma batal wudhu maka haram Opat rupa hiji sholat coba paham
Dua towap katiluna nyabak quran Najan tulisan saayat dina papan
Opat mawa quran anging diwenangan Dina barang ulah niyat mawa
quran
Haram kajalma nu junub genep rupa Aria nu opat tadi jangan lupa
Lima cicing di mesjid anging di pipir Genep maca quran anging niat
djikir
Ari paharaman sabab hed jeung nifas Sapuluh genep nu tadi jangan was-was
Tujuh puasa jeng tolak kadalapan Ari ngaliwat ka mesjid kasalapan
Haram liwat lamun geutih sieun ngecret Ukur makruh lamun aman urat aret
Sapuluh di alap suka antarana Tuur bujal najan teu aya
syahwatna
PASAL MEURTELAKEUN HED JENUNG NIFAS
Ari qodar hed pang saeutikna Qodar sapoe sapetingkaluarna
Ari gholibna genep atawa tujuh Najan kaluarna
geutih henteu puguh
Lima belas dinten jaman pang seueurna Najan sajam
unggal dinten kaluarna
Suci antara dua hed saeutikna Lima belas dinten sinareng
wengina
Ari dua puluh tilu atanapi Dua
puluh opat gholibna di istri
Ari seueurna suci teu di anggeran Sok
aya istri saumur teu kotoran
Lamun datang hadats sanggeus manjing waktu Anu mahi keur solat nu boga waktu
Halna tacan sholat dina waktu eta Maka wajib qodho sholat nu
harita
Lamun leungit mane maka wajib mandi Najan tacan
neupi kana gholib suci
Lamun waktu aya keneh terus sholat Mun
teu aya teurus qodho kade lepat
Najan eta waktu sholat ngan sa qodar Jaman
takbirotul ihrom teu di tilar
Sarta wajib qodho anu samemehna Sholat waktu anu meunang di
jama’na
Kaya suci waktu isa sareng asar Maka wajib qodho
maghrib sareng dhuhur
Ari salian ti eta kaya suci Waktu subuh qodho subuh wae hiji
Ari saeutikna qodar jaman nipas Eta sakecretan geutih hanteu
turas
Ari gholib nifas opat puluh dinten Pang seueurna zaman genep puluh
dinten
PASAL MEURTELAKEUN SARAT WAJIB SHOLAT
Sarat wajib sholat genep masing apal Hiji islam dua balig tilu akal
Opat boga rungu ka lima ningali Genep ka datangan panga hak ti
nabi
PASAL MEURTELAKEUN SARAT SAH SOLAT
Sarat sahna sholat dalapan perkara Hiji mudu suci tina hadats dua
Dua suci tina najis dina badan Dina tempat sareng dina papakean
Tilu nutup aurat opat madep kiblat Lima mudu geus manjing waktuna
sholat
Genep nyaho kana kapardhuan nana Tujuh ulah nekadkeun sunat
pardhuna
Kadalapan ngajauhan sakabehna Nungabatalkeun kana sholat
manehna
PASAL MEURTELAKEUN HADATS
Ari hadats leutik mana-mana barang Anu ngabatalkeun kana wudhu
urang
Aria nu ngawajibkeun kana mandi Hadats gede jumlah dua sareng
tadi
PASAL MEURTELAKEUN AURAT
Ari aurat lalaki antara tuur Sareng bujal keur solat nalika
udur
Ari aurat awewe anu di beuli Dina sholatna aurat cara lalaki
Aurat awewe meurdeka dina sholat Kabeh badan salian leungeun jeng
beungeut
Ari luar sholat jeung lalaki sejen Kabeh badan najan kuku
pangeuretan
Ari sareng mahram sareng pada istri Antara tuur jeung bujal hai ki
santri
Ari sareng carogenaheunteu aya Anu aurat sumangga sadayadaya
PASLUN MERTELAKEUN RUKUN SHALAT
Rukun shalat tujuh belas hiji
niyat Dina
hate neja pardu eta shalat
Dua takbirotul ihrom nu katilu Nangtung
ka jalma nu kawasa dina pardu
Opat maca fatihah kalmia ruk’u Genep
tumaninah dina ruk’u
Tujuh I’tidal dalapan tumaninah Dina
eta I’tidal na masing rineh
Kasalapan sujud dua kasapuluh dina
eta sujud dua tumaninah
Kasabelas diuk dina antarana sujud
dua rukun kadua belasan
Tumaninah dina diuk anu tadi tilu
belas tahiyat anu pandeuri
Opat beulas diuk tahiyat pandeuri lima
beulas maca shalawat kanabi
Geuneup beulas aweh salam
numimiti tujuh
beulas tartib dina rukun tadi
PASAL MEURTELAKEUN NIYAT
Ari niyat eta neuja hate urang Babareungan
sareung prakna gawe bareung
Ari pangkat niyat eta aya tilu Hiji
niyat lamun dina shalat fardu
Maka wajib qosdhu ta’yin sareung pardu Kaya nagucap usholli
fardhol’maghribi
Lamun sholat dina anu ngabogaan Waktu
sareung seubab
Lamun dina sunat mutlaq maka wajib Qosdu
wungkul jabi ti
PASAL MEURTELAKEUN TAKBIROTUL’IHROM
Sarat takbirotul’ihrom eta aya Geuneup
beulas saratteukenging teu aya
Hiji prakna mudu sanggeus nangtung bener Lamun shlat pardu sareng taya
udur
Dua mudu basa arab lamun biasa Tilu
mudu lafadz allah nu kawasa
Opat mudu lapadz akbar kalimana Mudu
tartib eta lapadz dua nana
Genep ulah panjang hamzah lapadz allah Bana lapadz akbar ulah panjang
nu katujuh
Kadalapan ba na ulah di tasydidan Ulah
tambah wawu eta ka salapan
Antara kalimah dua kasapuluh Ulah
nambah wawu memeh lapadz allah
Kasabelas ulah eureun antarana Kalimah
allah sareng lapadz akbarna
Duabelas sadayana hurup takbir Singkadangu
ku awak nu boga takbir
Tilu belas kudu sanggeus manjing waktu Lamun shalat anu diwaktu-waktu
Opat belas prakna takbir dina tingkah Sanggeus
urang nyinghareup ka baitullah
Lima belas ulah ngaruksak aksara Atawa
patukeur deui jeng aksara
Kagenep belas ari takbirna ma’mum Eta
mudu pandeurieun takbir imam
PASAL MERTELAKEUN SYARATNA FATIHAH
Syarat fatihah sapuluh sadayana Hiji
tartib tuluy-tuluy kaduana
Katilu ngaraksa huruf fatihah Opat
ngaraksa tasydidna ulah salam
Kalimana ulah repeh anu lila Genep
ulah repeh anu heunteu lila
Anu neuja meugatkeun bacaanana Tujuh
mudu maca sadaya ayatna
Kadalapan ulah ngarobah aksara Sareung
baris anu matak robah ma’na
Kasalapan macana patihah mudu Sanggeus
nangtung lamun dina sholat fardu
Sareung maca sakabeh hurup patihah Sing
kadenge kuawakna kasapuluh
Sareumg ulah kaseulang kudikir liyan Anging
amiin imam anu ngamimitian
PASAL MEURTELAKEUN TASYDIDNA PATIHAH
Opat beulas ete tasydidna patihah Hiji
luhureun lamna lapadz bismillah
Dua tilu luhureun ra’ rohman rohim Opat
luhureun lamna lillahil adzim
Lima luhureun ba na rabbil alamin Genep
tujuh dina ra’ na rohman rohim
Luhureun dal yaumiddin ka dalapan Dina
iyyakana’budu kasalapan
Dina iyyakanasta’in sapuluhna Dina
shirotol mustaqim sabelasna
Opat belas diluhureun lapadz dhollin Ari
ngaji ulah ka gembang ku ulin
PASAL MEURTELAKEUN SYARAT SUJUD
Ari syarat sujud eta aya tujuh Hiji
sujud dina anggahota tujuh
Hiji terang sareng dampal suku dua Tuur
dua sareng dampal leungeun dua
Kaduana terang ulah katutupan Tilu
sabeuratna sirah tong ditahan
Ka opatna pangturunna ulah aya Maqsud
sejen salian ti sujud tiya
Lima ulah sujud kana hiji barang Anu
teupung nu geudak milujeung urang
Genep birit kudu luhur batan sirah Katujuhna
syarat sujud tumaninah
PASAL MERTELAKEUN TASYDIDNA FATIHAH
Ari tasydid na tahiyat nu sampurna Eta
dua puluh hiji sadayana
Ari tasydidna attahiyat eta Dina
luhureun ya sareng luhureun ta
Sareng luhureun shod na asholatu Luhureun
tho sareng ya attahiyatu
Lillahi tasdidna luhureun lam Luhureun
sin ari tasydidna assalamu
Alaika ayyuhannabiyyu tasydidna Luhureun
ya enun sareng ya akhirna
Warohmatullahi eta luhureun lam Luhureun
sin barokatussallam
Sareng luhureun lam na I’badillah Assholihina
luhureun shod ya akhi
Allailaha di luheureun alip Llallah
dina lam sareng lam alip
Anna muhammadan rosullullahi Luhureun
nun eumim ra lamillahi
PASAL MEURTELAKEUN WAKTU SHOLAT
Maka wajib dimana geus manjing waktu Gawe sholat atawa niyat nu
tangtu
Rek migawe sholat dina jero waktu Jadi
dosa urang lamun teu kitu
Ari mimitina aya waktu dhuhur Eta
lingsir mata poe anu luhur
Ari akhirna lamun kalangkang urang Anggeus
sarua sareng adegan urang
Ari seep waktu dhuhur maka dongkap Wakta
asar hingga mata poe surup
Awal maghrib eta surup mata poe Hingga
surup mega berem nu biyasa
Seep isa dongkap deui waktu subuh Hingga
bijil mata poe anu teuguh
PASAL MERTELAKEUN WAKTU ANU HARAP DI PAKE
SHOLAT
Haram sholat dina jero lima waktu Lamun
heunteu aya sabab anu tangtu
Hiji waktu mata poe keur bijil Sahinga
sakadar satumbak luhureunna
Dua waktu tengah-tengah langit pisan Saliyan
jumat mengwak ka kulon
Katiluna rek surup layung nu sae Hingga
surup pisan eta mata poe
Opat bada sholat subuh kalimana Bada
solat asar eta sampurnana
Ari sholat qodo mah taya pamengan Dina
waktu mana najan pasosonten
PASAL MEURTELAKEUN RUKUN ANU KUDU TUMANINAH
Ari rukun anu kudu tumaninah Eta
opat hiji ruku ulah salah
Kaduana itidal katilu dina Sujud
opat dina diyuk antarana
PASAL ANU NGABATALKEUN KANA SHOLAT
Ari anu ngabatalkeun kana sholat Opat
belas hiji hadast kade lepat
Dua katibanan najis mun teuteurus Dirakrakna
tina badan sarta mulus
Tilu kabuki aurat mun teu ditutup Buru-buru
opat ngucap dua hurup
Atawa hiji huruf aya hartian Kaya
ngucapkeun samaksud ngageunihan
Batal deui ku ngadehem anging lamun Aya
udur ngunikeun nu jadi rukun
Kalimana ngahaja migawe barang Nu
matak batal kana puasa urang
Kagenepna dahar sueeur najan lali Tujuh
tili kali usik nuli-nuli
Kadalapan luncat sareng sabangsana Kasalapan
nenggeul tarik jeung misilna
Ka sapuluh nambah rukun anu bangsa Pagawean
tur ngahaja teukapaksa
Kasabelas miheulaan ka imamna Dua
rukun bangsa pagaweannana
Atawa manderikeun maneh ti imam Anging
udur teu bias nuturkeun imam
Dua belas niat megatkeun shalatna Ka
tilu belas gatung pegat shalatna
Opat belas mider-mider rek megatkeun Kana
sholatna mana nu di teuteupkeun
PASAL MEURTELAKEUN SUNAT ‘AB’AD
Ari sunat ‘bad tujuh sadayana Hiji
tahiyat awal dua lungguhna
Maca sholawat ka nabi katiluna Dina
jero tahiyat anu awalna
Sholawat ka kulawarga kaopatna Dina
jero tahiyat nu panderina
Lima maca kunut dina saban dinten Genep
kunut witir saparo romadhon
Tujuh maca sholawat ka kangjeng nabi Dina
kunut ka shohabat nabi
PASAL MEURTELAKUN PASUNATAN SAMEMEH SHOLAT
JEUNG DI JERO SOLAT
Ari pasunatan dina memeh sholat Aya
dua hiji adan dua qomat
Sareng dua sunat dina jero solat Hiji
tahiyat awal kadua qunut
PASAL MEURTELAKEUN BILANGAN ROKAAT SHOLAT NU
LIMA WAKTU JEUNG LIYANA
Dina sapoe sapeuting rokaatna Sholat
pardu tujuh belas sajumlahna
Sareng tilu puluh sujud langkung opat Jeung
salapan puluh takbir langkung opat
Jeung sapuluh salam tahiyat salapan Saratus
limapuluh punjul opat
Ari dhuhur isa bangsa opat Rukun
hijin waktu lima puluh opat
Margi hiji rokaat na dua belas Rukun
anu bulak balik masing awas
Tambah genep niat takbirotul ihrom Lungguh
akhir tahiyat sholawat salam
PASAL MEURTELAKEUN KAWASA-KAWASANA DINA SHOLAT
Saha anu teukawasa kana nangtung Maka
sholat bari diyuk sami untung
Lamun teukawasa diyuk maka sholat Bari
ngedeng nyangigir nyanghareup kiblat
Teukawasa nyangigir nangkarak sholat Sarta
kedah ganjel sareng nunjang kiblat
Apeskeneh maka sholat ku isaroh Sareng
niyat masing lempeng dina manah
Teukawasa ku isaroh tuluy jalankeun Rukun
shalat dina hate di jentrekeun
Heunteu hampura jalma tinggal sholat Satungtung
akal na bener masih ingeut
PASAL MEURTELAKEUN RUPA-RUPA NU DITINGGALKEUN
DINA SHOLAT
Tilu rupa di tinggalkeun dina sholat Hiji
pardu dua sunat jeung haeat
Lamun ninggal hiji pardu najan lali Eta
henteu ka tambal ku sujud sahwi
Lamun deukeut keneh wajib balik deui Kana
pardhu make tambah sujud sahwi
Ari sunat entong balik sanggeus urang Gawe
pardhu tapi sujud nambal kurang
Ari sunat haeat teu kitu kiyeu Entong
sujud entong balik kanu bieu
Saha anu mangmang dina rakaat na Kudu
nyokot bilanmgan pang saeutikna
Pami subuh asa dua asa hiji Wajib
nambah sarta sunat sujud sahwi
PASAL MEURTELAKEUN PAMAKRUHAN SHALAT
Seueur pisan pamakruhan dina sholat Sawarehna
ngaliyeuk teu aya hajat
Kaya ngaliyeuk barangna bisi leungit Sarta
makruh keur sholat neunggak ka leungit
Malihanan dawuhan mita wali Ngaliyuk
the haram sareng hulaemi
Sareng numutkeun kaolna syekh adzro’I Tanggah
kaluhur ge haram cara tadi
Makruh deui ku panon mere isarat Atawa
ku biwir lamun taya hajat
Sareng bedas dina tempat anu kendor Sareng
sabalikna lamun taya udur
Sareng makruh nulak cangkeng taya udur Margi eta kalakuan nu takabur
Sarta makruh sholat gancang purat perot Rukun oge ampir aya nu kalewat
Sareng makruh peurem lamun inggis calaka Heunteu makruh mun teu inggis
aya bahla
Tapi lamun aya gambar dina tempat Pang
solatan eta peureum jadi sunat
Dina ruku dina sujud makruh deui Rapet
beuteung kana pingping di lalaki
Sareng ngarapetkeun peupeuteuyan nana Dina gigir dina ruku jeung
sujudna
Sareng makruh lungguh cara anjing diyuk Sareng sujud cara gaok macok
lauk
Sujud cara singa depa eta makruh Sareng
dina ruku handap teuing sirah
Sareng makruh manjangkeun tahiyat awal Salian ma’mum kajeun solawat ka
al
Sareng makruh nyorokeun ramo leungeunna Jeung nguyupuk laer teuing
disampingna
Sareng makruh nyiduh ka hareupeun nana Jeung katuhu henteu makruh ka
kencana
Lamun nyiduh di masjid sing ati-ati Bisi
ngecret kana tempat anu suci
Sareng makruh nekenkeun sabelah suku Dina nangtug kenca atawa katuhu
Sareng makruh sholat bari nahan hadast Kiih ngising atawa napi nahan
bobos
Sareng makruh lamun geus hadir kadaharan Sareng lapar jeung makruh
bubudugulan
Sareng makruh make beubeur dina cangkeng Anging di poke mageuhan samping
BAB SIYAM
Wajib kanu islam saban-saban taun Tur
mukalap puasa bulan romadhon
Jadi jumlah syarat wajib siyam opat Hiji
islam akal baligh sareng kuat
Ari pardhu sareng rukun siyam opat Ari
rukun ka hiji nyaeta niyat
Kaduana nangtung keun niat puasa Saban
peuting poe isuk rek puasa
Rek neukeunan puasa pardhu romadhon Atawa neukanan anu di nadharkeun
Katiluna nahan tina dahar leueut tina
jima’ tina Utah kade lepat
Opat nyaho mimiti jeung panungtungan Ulah niat jeung buka sa
tabrabg-tabrang
Anu ngabatalkeun puasa sapuluh Masing
apal ngarah jadi jalma teuguh
Hiji aen anu neupi kana beuteung Teu
dihaja atawa di paksa orang
Jeung henteu batal kebul pangayakan tipung Jeung katalanjuran cai kana
irung
Lamun heunteu banget kekmuna Sareng
ngingsrek cai kana jero irungna
Dua huknah harttina ngasupkeun ubar Tina
salah sahijina kubul dubur
Atawa ngasupkeun tungtung ramo kana Kubul dubur dina waktu istinja
na
Dina kodo hajat sareng istinja na Masing
bias pisan urang ngaraksana
Katiluna ngahaja Utah tur eling Najan
taya nu bijil ti jero beuteung
Opat wati ngahaja liwat hasapah Lima
ngaluarkeun mani kade salah
Genep nipas tujuh haid dalapan edan Murtad
naudzubillah minha salapan
Ka sapuluh ngajuru nu matak batal Kana
puasa urang eta sing apal
Ari anu sunat dina bab puasa Eta
seueur maneh ulah asa-asa
Hiji anggeus yakin surup mata poe Gancang
buka lamun mang-mang tunggu bae
Tapi kayaqinna mata poe surup Tuluy
buka supaya puasa cukup
Lamun aya buka sunat make kurma Mun
teu aya ku cai atah ge sama
Dua sunat ngahirkeun sahur tapina Ulah
tapi ka mang-mang dina sahurna
Tilu sunat ulang ngomongkeun nu ala Kaya
ngupat ngadu-ngadu lampah ceula
Sareng sunat nyulayaan ka haying na Syahwat
urang sinareng hawa napsuna
Sareng sunat lamun boga hadast gede Kudu
adus ti peuting na age-age
Sareng sunat maca quran masing rosa Jeng
ngadu’a saba’da buka puasa
Sareng sunat I’tikapna masing seueur Mudah-mudahan
hasil lailatul qodar
Sareng sunat ngarowakeun kasaean Sareng
nyegah tina lampah ka kusutan
BAB HAJI
Di wajibkeun munggah haji ka baitullah Dina
Saumur sakali kanu mampuh
Maka lamun geus mampuh pot umurna Maka
jadi wajib di hajikeun nana
Ari rukun haji lima kade salah Hiji
ihrom kadua wukup di aropah
Katiluna rukun towap di baitullah Opat
sai’ antara sopa jeung marwah
Kalmia ngagunting atawa di cukur Tina
rambut sirahna sing loba syukur
Ieu lima salian wukup di aropah Tinggal
opat jadi rukun tina umur
Iyeu rukun haji jeung umrohna Eta
aya saratna jeung parduna
Maka wajib sadayana di hartoskeun Kusugeurning
anu bade ngalampahkeun
Sareng haram kanu ihrom seuseungitan Sareng
haram sirah janggot di minyakan
Miceun kuku miceun bu’uk sareng jima’ ‘Akad
nikah sareng muqoddimah jima
Sareng moro boboroan tanah darat Nu
didahar hanteu haram sato laut
Sareng haram lalaki tutup sirahna Sareng
haram ka istri nutup raraina
Sareng sarung tangan sareng haram deui Anu nyarung kaya gamis di lalaki
Maka saha nu migawe paharaman Maka
dosa jeung wajib di kiparatan
Ari jima jaba haram ngaruksakeun Kana
haji sareng wajib di kodoan
Sareng wajib dina taun sabadana Sareng
wajib kiparat geode ngarana
Sareng wajib ihrom haji jeung umroh Tina
miqot sareng nginep mujdalipah
Sareng nginep di mina sareng ngabalang Jumrotul aqobah ponan rayagung
Sareng ngabalang jumroh tiluan nana Dina
poe tasyrik jeung thowap wada na
Sareng haram boboroan tanah haram Sareng
jujukutan nana kanu ihrom
Sareng kanu henteu ihrom ge haram Jukutna
jeung boboroan tanah haram
Sareng tambah mun ganggu di tanag mekah Kana boroan jeung jukut wajib
pidyah
Lamun urang rek migawe hiji barang Wajibkeun
ilmuna heula masing teurang
Sabab gusti allah ngawajib keun nana Eta
pasti ngawengku syarat rukun na
Sareng wajib marentah sareng meuneurkeun Kajalma nu ninggal syarat sareng
rukun
Lamun teu jadi finah wajib maksana Lamun
matak pitnah wajib ngaingkarna
Sareng disyaratkeun sadaya amal Kedah
ikhlas keurna allah aja wajala
Sareng kadaharan urang kedah halal Sareng
pangnggona lamun teu kitu gagal
Sareng wajib sadaya ngaraksa Anggahota
urang tina lampah dosa
Margi agama the dua kalakuan Hiji
thoat dua nyingkahan jeugahan
Sakiyue ge ilmu faqih atos ceukap Pikeun
jalma ibadahna rada handap
Sapertos jisim abdi anu dhoip Anu
pamendakna sakalangkung langit
Nu mawi iyeu nadhom fiqih di citak Taya
sanes kuinsop para saderek
Sareung murid sadayana kolot budak Sanaos
geus tilar dunya nugaduh haq
Malah mandar janteun tambah manfaatna Kanu nukil sareung kanu
ngaraosna
Kitu deui kasugri para ulama Mugi
keursa ngaleureuskeu nuleupatna
Diwuwuhan kupangdu’a ti muridin Sakur
nungaos nunalika maos amiin
Mugai2 gusti alloh ngahampura Kaguru
sim abdi nu mulih ngumbara
Samulihna tidunya ka rohmatillah Mugi
di jemberkeun tempatna nu indah
Khususnamah kanu kagungan karangan Ajeungan
juwaeni ibni abdirrohman
WALLAHU ‘ALAM BISSHOAB
KARANGAN MAMA K.H JUAENI IBNI ABDIRRAHMAN
Assalamu'alaikum pak ustadz neda widi copas, kanggo murangkalih mugia sing manfaat. amiin
BalasHapus